Monday, April 27, 2015

permainan tradisional khas sunda

Kaulinan Urang Sunda Anu Tereh Tileum
Loba pisan rupa-rupa kaulinan sunda ti mimiti anu di lakonan ku sorangan tepika anu di lakonan ku lobaan. Loba oge kaulina nu matak nyareri tapi keukeuh di pigawe ku sabab ramena. Di jaman ayeuna kairing ku maju na tekhnologikaulinan tradisional sunda geus di tinggalkeun ku barudak. Kusabab loba na hp jeung computer anu di anggap permainan nana leuwih rame, ngajadikeun kaulinan tradisional mingkin di tinggalkeun. Padahal pikeun kuring justru kaulinan tradisional leuwih alus kusabab ngabogaan mangfaat leuwih pikeun barudakna salian ti sakadar rame.
Kuring maca kaayaan jaman ayeuna geus rubah, Pikeun kuring anu di wedalkeun tahun 1993 masih keneh sempet ngasaan ramena kaulinan sunda. Meren eta oge masih keneh kaalaman tepi ka anu di wedalkeun tepi tahun 1996 mh, pasti pernah ngalaman rupa-rupa kaulinan tradisional, Tapi pikeun barudak ti tahun 1997 kadieu mh ciga na teu ngalaman kumaha ramena, kumaha sehatna kaulinan tradisional ku sabab kaburu ngajamurna hp di tahun 2005.
Berbahagialah bagi kita yang tahu dan mengalami permainan-permainan di bawah ini.
Rupaning kaulinan tradisional :
1. Poces (maen kaleci)
Nyaeta kaulinan anu ngagunakeun kaleci (kelereng). Sarerea nu maen sistim na musuhan. Saha anu meunang leuwih loba kaleci, jeung bisa mertahankeuna tepika tungtung waktu maen. Eta anu meunang. 
Mangfaat kaulinan ieu nyaeta, olah raga, sabab lamun maen kudu bari leumpang terus nagog terus nangtung deui, leumpang deui jeung nagog deui. Salian ti eta maen poces ngalatih nu ngarana konsentrasi sacara henteu langsung karasa ku barudakna. Kusabab lamun arek nyentang kudu konsentrasi supaya keuna meneran kana anu di tuju.
istilah-istilah dina poces : depot (ngenog), oles, kabur, kalang, golodog (kaleci nu gede), ukur paeh, cutah, korteng, cabak paeh, celeb paeh, di tau,

2. Luncat Tinggi (lompat tali)
kaulinan ieu di lakonan ku kelompok, jumlah kelompokna bebas. Sistimna nyaeta nu maen kudu ngaluncatan tali anu di palangkeun. Mimiti mah kaci gudir, tapi lamun pernah meunang jedi teu kaci gudir. Maena the nyaeta ti mimiti jangkung tali satuur tepika anu pang jangkungna merdeka (tali di acungkeun di luhur sirah ku leungeun). Unggal kelompok di gilir maena, lamun kelompok nu maen samemehna geus paraeh anggota kelompokna.
istilah-istilah dina luncat tinggi : gudir, kael, tepak, tepak air, juralit, ajol bangkong,
3.      3. Langlayangan (layangan)
      kaulinan ieu sabenerna masih keneh rame ku barudak, tapi henteu goring oge di pedar didieu, kaulinan ieu ngagunakeun langlayang terus make nilon, di apungkeun we nu engke da di adu keun jeung langlayangan nu batur.
      istilah-istilah dina langlayangan : pulut, berean, tali kamah, golosor, goel, borobot, kolotok, berebetser, ngaranjau, baokan, ganaran, sasar, serengkeun, padudut-dudut.


4.      4. Susumputan (ucing sumput)
      nyaeta kaulinan anu ngajadikeun saurang jaga, ku cara mempeun, terus ngitung tepi na nu geus di tangtukeun, salila ngitung barudak nu lain kudu nyararumput ulah tepika ka panggih. Lamun geus beres ngitung, nu jaga kudu neangan babaturana anu nyumput, tapi kudu sabari ngajaga tempat ngabela na. bisi aya anu ngabela. Palebah manggih babaturan anu nyumput, si ucing kudu nyebutkeun ngarana, tuluy papaheula lumpat kana tempat ngabela. Lamun si ucing eleh lumpat, kapiheulaan ku babaturana ngabela, manehana bisa jadi ucing salilana.
istilah-istilah dina susumputan : ngabela, tong ngokok, hong (ngaran),

5. 

Sunday, April 26, 2015

paribasa sunda

paribasa sunda nyaeta istilah nusok di pake ku urang sunda pikeun nepikeun hiji perkara anu teu secara langsung di tetelakeun maksudna.


  1. KEMBANG BEUREUM BUAH BULEUD
    artina kembang beureum nyaeta hawa nafsu, buah buleud harina kana peureup. jadi kasimpulana kembang beureum buah buleud teh hartina perkara anu bakal pi ambekeun atawa pipaseaeun.
  2. TIIS CEULI HERANG PANON
    tiis ceuli hartina nyaeta genah ku dedengean, herang panon hartina genah ku tetenjoan. kacindekana nyaeta kaayaan anu matak genah kana hate jeung pikiran.
  3. HARENGHENG KU DEDENGEAN SAREUKSEUK KU DEUDEULEUAN
    harti paribasa ieu nyaeta kabalikana tina paribasa no.2. matak teu ngeunah kana hate jeung pikiran.
  4. SING ASAK-ASAKNA NGEJO
    hartina nyaeta, lamun urang milampah atawa ngagawean hiji perkara kudu pas kana sagala rupana, tong kaleuleuwihi, tong kurang. lamun ngejo kaleuleuwihi hasilna tutung sanguna, lamun kurang, hasilna sangu teh gigih keneh atawa can asak.
  5. TONG CICING LAWANG PANTO, BISI NONGTOT JODO
    ieu paribasa teh lain harti nu sabenerna, kurang leuwih pihartieuna aya 2. nu kahiji tong cicing lawang panto, da eta mah jajalaneun, ngahalangan anu rek laliwat. nu kadua tong cicing lawang panto, angin ngagelebug terus kekebul loba, bisi asup angin, bisi jadi gering.
  6. ULAH NGABUNTUT BANGKONG
    di mana mana oge bangkong mah euweuh buntutan. ieu paribasa teh hartina lamun urang keur gempungan teh kudu beres, tong nyesakeun perkara anu can beres, kusabab lamun aya perkara nu can beres, bisa-bisa jadi pipaseaeun.
  7. KA CAI JADI SALEUWI, KA DARAT JADI SALOGAK
    hartina urang jadi jelema indit kamana wae oge, cicing di mana wae oge, kudu aya mangfaat pikeun lingkungan sekitar urang. saluyu jeung dauhan rasul "yen saalus-alusna jelema, nyaeta anu mangfaat pikeun jelema"
  8. BEAK DENGKAK
    ngadengkak teh hartina sarua jeung ngalengkah, jadi pihartieun ieu paribasa teh geus beakeun cara. teuing kudu kumaha deui nyanghareupana. sabab geus sagala cara nu di pake, tapi keukeuh euweuh hasilna.
  9. LINEUK-LINEUK JAPATI
    hartina nyaeta eta jelema teh ongkoh ciga lineuk, tapi pas rek di tewak, geningan linghas, ibarat japati, ongkoh ciga lineuk, padahal linghas.
  10. NETE TARAJE, NINCAK HAMALAN
    sagala nu di pilampah ku urang kudu di mimitian ti handap lamun hayang nepika luhur teh., kudu ngaliwatan perjoangan anu kacida gede tur leuk-leuk na.
  11. PINDAH CAI PINDAH TAMPIANhatina nyaeta urang jadi jelema nu ngaku dewasa kudu bisa nempatkeun diri. Kudu bisa ngaluyukeun diri jeung kaayaan di sakuriling urang.
  12. HAMPANG BIRITyaeta jalma anu gampang di tutah titah, teu kaleked, getolan.
  13. HAMPANG LEUNGEUNngabogaan harti jelema teh bogha adat nu sok maen leungeun wae.
  14. LEUMPEUH YUNInyaeta jelema anu luak-leok pamadeganan. Teu ngabogaan prinsip hirup.
  15. NYUMPUT BUNI DI NU CAANG
    hartina nyaeta kaayaan hiji jelema anu nyumput dina kaayaan anu teu di sangka-sangka.
  16. HADE GORENG MAH KU BASA
    paripolah jelema anu bakal katilei, naha alus atawa gorengna eta akhlak jelema, bisa katinggali ku basa nu di peke ku eta jelema.
nembe sakieu, kin lajengana nyusul.. hehe

sisindiran jeung wawangsalan

1. SISINDIRAN

Sisindiran teh asalna dina kecap sindir, anu ngandung harti "omongan" atawa "caritaan" anu di balibirkeun, henteu togmol. Sisindiran kawangun ku 4 padalisan, ungal padalisan di wangun ku 8 suku kata. 2 padalisan di sebut cangkang, 2 padalisan di sebutna eusi.
conto :
              Mak tarasi tutung   
              Keun urang balikeun
                     Mak si nyai pundung
                     Keun urang awinkeun


Sisindiran teh rupa-rupa, aya anu sifatna piwuruk (mamatahan), aya anu sifatna heureuy, aya anu patula-patalina jeung pendidikan jeung sajabana.

Sisindiran

ngala tutut ka talaga
alatna pacul ayakan
kitu patut hayang ka surga
solatna ge gugurubugan

salawe dua puluh lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dandan teu bisa ngejo


ecet-ecet oet oet
ngaronda ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

kembang buereum di astana
buah kadu cucukna nyugak
awewe teu di calana
kade hulu bisa nyugak

aya hape luhur meja
hape na nokia jadul
aya gawe  tur ngado'a
pastina bakal di kabul

aya listrik di masigit
caangna ka pabrik kina
aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana


2. WAWANGSALAN

Wawangsalan teh nyaeta karangan anu di wangun ku 2 padalisan, nyaeta kawangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir di wangun ku cangkang jeung wangsal. Anu jadi wangsalna tara di tetelakeun langsung, tapi sok murwakanti jeung salah sahiji kecap nu aya dina bagean eusi.

conto wawangsalan :

wadah lauk pipir imah
pari polah  hade bener   ( kulah )

gamar hirup kaca herang
pipi beureum amis dodol   ( tipi )

hideung leueur mobil angkot
maen voli pipir imah   ( oli )

benang manteng sada gitar
mun bogoh tong api-api   ( kacapi )

logam mulia ciri dunya
aya ucing kantos teuleum    ( artos )


mung sakitu, mugia manfaat :)

BAB Mantra

conto-conto mantra.

  1. Asihan

    Asihan Anjing
    asihan aing asihan anjing
    di segrok si borokokok
    di santap si calakita
    sia anjing, aing tai
    hayu tuturkeun aing
                               
  2. Ajian

    Ajian Kabedasan

    sang balegadung bakaling jagat
    sang balegading bakaling langit
    sang baleputih bakaling bumi
    sakata he nyawa punika
    ana ingsun kabeh
    ya ingsun karya datulloh
                            (Tina Naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)
  3. Singlar

    di cai una jaya
    di darat jaya una
    nu calik dina sirah cai
    pun ratu nu mutih
    abimanyu ah mingkem ah mingkem
    mugia gusti nyarengan abdi
  4. Jampe

    Jampe Ka Budak Nu Sok Ceurik Bae

    nyi ara-ara
    nyi iri-iri
    ulah sok jail ka abdi
    tuh, da sia bawa ngajadi
    jep meneng si jabang bayi
                               (Tina Naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)

    Daftar Pustaka

    Tamsyah, Rahayu, Budi, Drs. An'Nur. Drs. Purmawati, Tati, Dra. Pangajaran Basa Sunda, Bandung : Banjar